Medar Artikel Basa Sunda

Artikel teh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (non fiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkap, anu panjang teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasaup oge kategori tulisan views(sawangan, nyaeta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajen kana hiji masalah atawa kajadian.

Artikel teh hartian karya tulis lengkep dina media massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya oge anu nyebutkeun, artikel nyaeta tulisan lepas anu eusina mangrupa opini hijijalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual ayawa kontroversial kalawan udagan pikeun mere nyaho )informatif) jeung ngayakinkeun (persuasif argumentatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rekreatid).

1. Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel

a. Penerjemah warta dina kalawarta
Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel anu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nganalisis warta. Artikel miboga fungsi pikeunngahijikeun fakta0fakta dina warta kana hiji wengkuan jentre, tandes, sarta ngeunah dibacana.
b. Wahana diskusi geusan neangan solusi sarta proses aktualisasi jeung eksistensi diri
  1. Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan.
  2. Saranan Kontribusi pamikiran pikeun mere solusi kana hiji masalah.
  3. Sarana aktualisasi sakaligus pikeuneksistensi diri.

2. Ciri Artikel Sunda

Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri:
  1. Aya ngaran anu nulisna.
  2. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontoversial.
  3. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma rea.
  4. Ditulis kalayan referensial ku visi nu intelektual.
  5. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populer, jeung komunikatif.
  6. Singget jeung tunntas.
  7. Orisinal

Materi Artikel Basa Sunda Lengkap

Wilujeung sumping di blog sederhana sim kuring, ayeuna kuring bade ngajelaskeun tentang materi artikel dina basa sunda anu mangrupa materi anu diajarkeun di kelas XII SMA. Aya oge ayeuna didieu anu bade dijelaskeun nyaeta pengertian artikel sunda, sareng macem-macem atawa jenis-jenis artikel basa sunda.

materi artikel basa sunda kelas xii
Pengertian Artikel Basa Sunda
Artikel nyaeta essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet. Ari eusina bisa mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan jeung pamadegan pribadi kana hiji hal, laporan lalampahan, atawa laporan ngeunaan kaayaan, bisa oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.
Macem-Macem Artikel Sunda
Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta:
  1. Artikel Narasi, nyaeta artikel anu nyaritakeun situasi atawa kanyataan boh dumasar kana runtuyan waktu boh kana runtuyan kajadian. Dina artikel narasi tangtu bae kudu aya tokohna. Sakumaha umumna dina carita, dicaritakeun lalampahan si tokoh dina nyanghareupan hiji kaayaan, konflik jeung pait peukeurna kahirupan.
  2. Artikel Deskripsi, nyaeta artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan atawa fakta nepi ka kabayang ku nu maca.
  3. Artikel Eksposisi, nyaeta artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupan pedaran, ngeunaan wangenan, atawa bagian tina gunana hiji konsep atawa bisa oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal.
  4. Artikel Argumentasi, nyaeta karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasangtukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Cirina biasana aya opini (sawangan/kamandang) pribadi tapi didasaran ku fakta jeung nepi ka katasima ka nu maca.
  5. Artikel persuasi, atawa disebut oge artikel pangjurunglaku atawa motivasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya manfaatna.
Tah diluhur eta nyaeta materi basa sunda anu perna ku guru diajarkeun ka admin blog ieu. Mudah-mudahan artikel sim kuring ieu tiasa jadi mangpaat kanggo sadayana. Dulur sadayana tiasa ninggal conto artikel sunda anu pernah dijieun ku sim kuring sakaligus oge pelajaran anu ku kuring pernah bagikeun di ieu blog. Sok dibaca artikel wawacan sareng carita pantun.

Carita Pantun : Rajah, Deskripsi, Narasi, Dialog, Monolog, jeung Rajah Panutup

Ayeuna sim kuring bade masihan materi basa sunda kelas XII nyaeta Carita Pantun. Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun ku sababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog, jeung rajah panutup/pamunah.

Baca oge : Materi Carita Pantun Sunda Lengkap.

Rajah Pantun

Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.
Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.
Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu beda.
carita pantun

Narasi Pantun

Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.

Deskripsi Pantun

Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.

Dialog

Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

Monolog

Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung,

Rajah Panutup

Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.

Materi Carita Pantun Sunda Lengkap

Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.

carita pantun sunda
carita pantun

Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.

Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyeta ngalalakonkeun Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pijodoeun. Ari pola jalan carita pantun umumna teh kieu : Satria ngalalana, upamana bae lantaran neangan putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria pajajaran teh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaeta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nyaeta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal episodeuna. Dina pungkasan carita, anu ngalalakon teh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna.

Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay teh henteu rea. Contona : pantun ciung wanara, lutung kasarung, jeung mudinglaya di kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay teh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).

Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun kusababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.

Baca oge : Carita pantun : Rajah, Deskripsi, Narasi, Dialog, Monolog, jeung Rajah Panutup.

Wawacan Palaku jeung Karakter

Saatos kamari urang ngabahas materi wawacan jeung conto wawacan anu geus dicitak, ayeuna urang bakal ngabahas naon wae sareng hartos palaku jeung karakter wawacan. Saacan urang ngabahas palaku jeung karakter wawacan, sobat tiasa ninggal heula materi wawacan diluhur.

palaku jeung karakter wawacan
wawacan

Wawacan

Wawacan nyaeta carita atawa lalakon anu ditulis dina wangun pupuh. Dina wawacan oge aya nu namina alur. Alur nyaeta runtuyan kajadian anu ngawangun carita. Secara umum, alur wawacan diwangun ku :
  1. Bubuka wawacan.
  2. Munculna masalah.
  3. Masalah muncer (klimaks).
  4. Ngarengsekeun masalah.
  5. Pungkasan carita atawa akhir carita.
1. Dina bubuka wawacan anu sok disebutkeun teh nyaeta ngaran nagara, raja, jeung sajabana.
2. Muncul masalah nyaeta mulai munculna masalah dina eta wawacan.
3. Masalah muncer, didinya mulai muncakna masalah atawa ngarekahan.
4. Ngarengsekeun masalah. Dina wawacan aya 3 cara ngarengsekeun masalah nyaeta:
  • Musyawarah mufakat
  • Maehkeun salahsahiji palakuna.
  • Ngaleungitkeun perkara anu jadi masalah.
5. Pungkasan carita, biasana dina pungkasan/tungtung carita rupa-rupa rahasiah biasana kabuka.

Palaku Wawacan

Anu disebut palaku dina wawacan nyaeta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan anu ngalalakon dina carita. Palaku wawacan dibagi-bagi jadi 3 golongan nyaeta:
  1. Palaku utama (Protagonis). Nyaeta palaku anu nyekel peran utama ti awal nepi ka akhir.
  2. Palaku kadua (Antagonis). Nyaeta palaku anu marengan, maturan, atawa lawan palaku utama anu disebutna antagonis.
  3. Palaku tambahan (Figuran). Nyaeta palaku anu peranna teu pati penting.

Karakter Wawacan

Dina wawacan aya karakter anu hade jeung goreng. Conto karakter dina wawacan panji wulung nyaeta pinunjul, sabar, daek diajar, gede wawanen, daek tutulung, hormat kanu jadi kolot, ngahargaan ka sasama jeung karakter positif lainna.

Conto Wawacan Anu Geus Dicitak

Saatos urang sadaya ngabahas Materi Ngenaan Wawacan, ayeuna urang bakal ngabahas conto-conto wawacan anu geus dicitak. Ngan ukur saeutik wawacan anu geus dicitak teh lantaran behaeula mah wawacan teh sakral pisan, dibacana oge ngan ukur sataun sakali, jadi teu loba jelema anu nyaho wawacan.

wawacan anu geus dicitak
wawacan anu geus dicitak

 Wawacan Anu Geus Dicitak

  1. Karangan R.H. Muhamad Musa : Wawacan Panjiwulung, Wawacan Al-Muhtar, jeung Wawacan Raja Sudibya.
  2. Karangan R.A.A. Martanagara : Wawacan Batara Rama ( salinan tina sastra india ).
  3. Karangan H. Abdussalam : Wawacan Rengganis ( salinan tina sastra Jawa ).
  4. Karangan Tubagus Djajadilaga : Wawacan Kidung Sunda, jeung Wawacan Lenggang Kancana.
  5. Karangan R. Suriadiredja : Wawacan Purnama Alam
  6. Karangan M.K. Hardjakusumah : Wawacan Dipati Imbanegara, jeung Wawacan Dipati Ukur ( salinan tina babad ).
  7. Karangan M. Satradiredja : Wawacan Prabu Undrayana, jeung wawacan Darmawulan ( salinan tina sastra Jawa )
  8. Karangan R. Memed Sastrahadiprawira : Wawacan Enden Saribanon jeung Sempalan tin Carita Mahabarata
  9. Karangan Engkawidjaya : Wawacan Nyai Sumur Bandung jeung Wawacan Lutung Kasarung.
  10. Karangan M.A. Salmun : Wawacan Moro Julang ngaleupaskeun Peusing jeung Wawacan Ciung Wanara.
Diluhur nyaeta 10 Pengarang Wawacan anu wawacanna geus dicitak. Saya sangat berterima kasih apabila ada sodara yang ingin memberikan kritik dan saran di kolom komentar mengenai “wawacan anu geus dicitak”.

Materi Ngenaan Wawacan

Wawacan teh asalna tina kata waca anu hartina “baca”. Sedengken wawacan harti anu sederhanana mah nyaeta “anu dibaca”. Ari pengertian sederhana tina wawacan mah nyaeta hiji karangan anu dibacana ngagunakeun wangun pupuh anu aya 17 tea. Dihandap ieu bakal aya pengertian wawacan, gelarna wawacan, sareng cara nembangken wawacan. Silahkan menyimak.

wawacan
wawacan

1. Pengertian / Hartos Wawacan

Wawacan dina sastra sunda wawacan teh nyaeta hiji karangan anu ditulis dina wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. 
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang.

2. Gelarna Wawacan

Gelarna wawacan nyaeta jol na tina kasusastraan Jawa dina abad ka tujuh belas. Mimiti ayana ti lingkungan menak, santri, bupati, sareng lingkungan pasantren.
Conto-conto wawacan anu aya di lingkungan pasantren nyaeta :
  • Wawacan Amir Hamzah.
  • Wawacan Nabi Paras.
  • Wawacan Gusti Patimah di babarkeun.

3. Cara Nembangkeun Wawacan

Lantaran dumasar kana patokan pupuh, wawancara biasana ditembangkeun make lagam pupuh anu 17. Cara nembangkeunnana dibedaskeun, didengekeun nunu nu aya dina eta riungan, anu kitu teh nyeta disebut seni beluk.
Wawacan anu mangrupa karya anonotem diantarana wae wawacan Ogin, Ahmad Muhamad, Samaun, Ranggawulung, Surianingrat, Suriakarta, Amir Hamzah, Darumaya, Indra Bangsawan, Abdulu Muluk, Johar Manikan, jeung Nabi Yusuf.
Aya oge conto-conto wawacan anu geus dicitak tiasa ditinggal DISINI.